Senin, 30 Mei 2022

Catetan Silaturahim ka Karaton Sumedang Larang: Balé Agung Srimanganti

Balé Agung Srimanganti Karaton Sumedang Larang
Sajarah Sumedang katulis dina Carita Parahiyangan.
Di Sumedang teu aya peperangan anu rongkah nu diurug ku pasukan ti luar lantaran:
1. Anugrah Gusti Allah SWT. Alam Sumedang nu hara-haraeun jadi bénténg alam nu hésé ditembus ku musuh.
2. Kondisi urang Sumedang anu dinamis, ngaluyukeun jeung kondisi. Conto nalika peradaban Islam nyebar. Sumedang resmi ngalih ageman jadi Islam. Jadi teu aya alesan pikeun nyerang ka Sumedang. Nu matak Pajajaran nyerahkeun mahkota ka Sumedang nu mangrupa salah sahiji turunanana.
Dina carita Babad kacaritakeun, yén diadegkeunanana Galuh ogé di Medang ..... (hilap deui Medang naon). Maksudna di Sumedang.
Karaton Sumedang Larang kadaftar dina Paguyuban Karaton sa Nusantrara.
Wangunan Balé Srimanganti disebut karaton lantaran:
1. Diresmikeun dina taun 1706. Nu diwangun salila  12 taun.
2. Ayana mahkota Binokasih, mahkota Pajajaran nu dipasrshkeun ka Sumedang.
3. Ayana naskah nu jumlahna tilu rébu leuwih.
4. Ayana pusaka2 karajaan Sumedang. Pusaka Embah Jaya Perkosa, Jsté.
5. Sumedang Larang dicaritskeun dina Naskah2.
6. Aya turunanana. Di antarana ayeuna nu dinobatkeun Radya Sumedang Larang. Ma'ruf Amin (turunan ka 16 Prabu Geusan Ulun) jsté.
Nara Sumber: Radén Asép

Minggu, 20 Februari 2022