SI BUNTUNG JAGO TUTUGAN (3)
Bahrowi jeung baladna patinglaléos ninggalkeun Ki Rais jeung Si Andi anu ngagolér ditengah jalan palebah Tutugan Leuweung Tiis. Jalma anu telenges taya rasrasan lampah biadab anu bieu dilakonan téh dianggap hal biasa pikeun maranéhna mah.
Lamun harita Bahrowi jeung baladna leumpangna mapay jalan gedé anu brasna ka Lélés, geus tangtu bakal pasanggrok jeung hiji lalaki anu keur leumpang ngagedig ti Léléskeun. Ki Sahudi urang Cipancar batur salemburna Ki Rais, malah Ki Sahudi téh beunang disebut sobatna Ki Rais.
Manéhna deuk ka lembur Leuweung Tiis, kasebutna jalma eusi nu matak wani leumpang sorangan wayah kitu ogé bari kaayaan geus méh magrib.
Ngan nyakitu, ari Bahrowi mah leumpang mapay-mapay susukan, terus hanjat saterusna nonggoh kukurubutan kanu bala anu maksud rék muru ka Pasir Ayakan.
Ki Sahudi anu keur jongjon ngagedig téh, harita geus nepi ka palebah tikungan anu ngabulungbung anu bras ngajurus ka Leuweung Tiis.
Ki Sahudi kacida reuwasna ngadéngé sora anu sasambat di béh hareup.
"Naon nya, di leuweung kitu?" Ki Sahudi ngagerentes dina haté. Bari reg, eureun, anu saterusna ngadédéngékeun.
"Sora budak. Piraku dedemit mah. Da sidik Abah-abahan, lamun enya téh budak naha keur naon wayah kieu aya di dieu, palangsiang keur kasarung." Pokna deui. Sok sanajan manéhna kasebut lain jalma borangan tapi teu weléh ngageter ogé. Kawantu lebah dinya téh kacida harieum pisan, kénca katuhu jalan estu remet ku tatangkalan. Rasa panasaran ngéléhkeun kasieun.
"Sidik sora budak..ah, lahaola walaquwwata, ku aing mah rék disampeurkeun" Kitu pokna sanggeus pasti yén éta sora budak. Ki Sahudi ngagilirkeun pérah bedogna leumpang digancangkeun bari panonna mah teu weléh rurat-rérét niténan sabudeureun bari muru ka arah sora téh tetep taki-taki,ceulina rancung ngadédéngékeun kana sora disabudeureunna.
"Duh, naon éta?" Ki Sahudi ngajenghok kacida reuwasna, sabab di béh hareup katempo remeng-remeng anu ngadungkuk di tengah jalan. Ngan kulantaran geus poék jadi teu bisa sidik.
"Abah, ieu Andi..Abaah ieu Andi!"
"Aéh-aéh,! Si Andi!"
Ki Sahudi inget, tadi saméméh indit téh ningali imah Ki Rais dikonci. Teu antaparah deui harita manéhna lumpat muru, geus teg dina hatena yén Ki Rais keur meunang kacilakaan.
Sanggeus deukeut beuki ngaranjug, sanajan geus poék manéhna bisa ningali Ki Rais anu keur ngajolopong mandi getih, sedengkeun Si Andi masih tetep nanangkeup bapana sarta disidik-sidik téh leungeun kéncana buntung semet pigeulang.
"Ya Allah! Andi. Kunaon, Andi?" Ki Sahudi nanya haroshos bari panonna mah tetep taki-taki caringcing bisi aya nu ngabongohan.
Tapi Si Andi tonggoy wé sasambat ka bapana, pananya Ki Sahudi mah sigana téh luput teu kadéngéeun.
Sanggeus tétéla aman, Ki Sahudi ngadeukeutan terus tepakdeku gigireun Si Andi.
"Andi ieu Mang Sahudi!"
"Mang Udi, ieu abah, Mang Udi!" Si Andi kakara ngadéngé ayeuna mah tapi manéhna tetep nyuuh kana dada Bapana.
Kusiwel Ki Sahudi ngaluarkeun panékér tina saku. Cekés dihurungkeun. Bréh beungeut Ki Rais kacaangan, tétéla geus teu nyawaan.
Teu karasa rénghapna ambekan ragamang leungeunna ngaragap beungeut Ki Rais tétéla geus caméwék tiis.
"Emh, Andi bapa manéh téh...'' Ki Sahudi teu kebat nyarita, kaburu kapegat ku anu ngagendok dina tikoro, Teu karasa deui clak-clak cipanon Ki Sahudi nyakclakan.
"Andi.. hayu urang ka lembur jeung Mang Udi!" pokna bari ngaragamang kana taktak si Andi.
"Ieu Abah, Mang Udi!" Sora Si Andi méh leslesa ongkoh kanyeri dina leungeunna geus teu kacatur.
Satuluyna Ki Sahudi nyoékeun bajuna terus dipaké mulen tatu jeung nalian leungeun Si Andi sangkan geutihna eureun teu terus kaluar.
"Keun Abah mah ku Mang Udi urang Panggul, sok Andi Ogé ku emang urang akeup" ceuk Ki Sahudi bari geuwat manggul layon Ki Rais dina taktak katuhu, taktak kénca dipaké manggul Si Andi. Sajajalan getih ngagarajag maseuhan pakéanna, Ki Sahudi.
Nepi ka lemburna, lain deui gujrudna, paribasa ibur salelembur éar sapangeusi désa. Béja nerekab tul tel ka mana-mana yén Ki Rais ngalakonan ngajampana bugang alatan dibégal lebah tutugan Leuweung Tiis, sarta si Andi ogé leungeun kéncana buntung semet pigeulang.
Teu kacatur kumaha aras-urusna anu ngubur layon Ki Rais. Caturkeun geus bérés aya poéna. Sedengkeun Si Andi terus diampihan ku Ki Sahudi, keur mah manéhna téh teu boga anak. Nya si Andi dikukut jadi anak.
Meunang sabulan dua bulan mah Si Andi téh teu wudu ngalayeus ingeteun waé kanu jadi bapa, malah lamun tengah peuting mah manéhna téh sok mindeng ceurik balilihan bari nyambat-nyambat ka bapana.
Lamun ti beurang gawéna ukur ngahuleng jentul euweuh kabéragan. Sakapeung manéh sok ngereles indit ti imah Ki Sahudi, Ari ditéang téh sok aya di imahna kasampak keur ceurik di kamar anu geus sepi, pernah hiji mangsa manéhna kasampak keur nyegruk hareupeun hawu. Sabab saméméh bapana tinemu jeung ajal téh nya didinya pisan mangérodankeun bajuna anu satuluyna dahar liwet balakécrakan.
Tapi ari geus nincak sataun mah, Si Andi téh palér ogé. Ongkoh mah Ki Sahudi katut Nyi Enah bojona, kacida pisan mikanyaahna. Teu jarang Si Andi dibabawa lamun pareng Ki Sahudi indit dagang bako, ka Bandung atawa ka Garut. Komo deui ayeuna mah leungeun buntungna geus teu dibulen deui ku lamak.
Tapi ari nyogrog-nyogrog teuing mah tetep waé manéhna sok inget ka bapana, tiap balik ti jauhna sok ngadatangan kuburan bapana anu lening beresih kawantu mindeng diurus.
Sagédéngeun ti éta manéhna sok ulin di kebon. Tara aya nu nyaho naon anu dilakukeunana dikebon teh. Tapi lamun kabeneran aya nu mireungeuh mah tangtu bakal kagét. Sabab di kebon téh Si Andi sok nonjok-nonjokeun leungeun kéncana anu buntung. Mimitina mah kana tangkal cau, nepika rarubuh. Geus kitu ningkat kana tangkal anu teuas, kana kai atawa kana awi, sakali nonjok tangkal kai atawa awi téh peunggas atawa runtuh. Nepi ka antukna leungeun Si Andi anu ayeuna mah dibulen maké kulit, jeroeun kulit téh maké beusi anu dibingkengkeun meunang ukay-ukey manéhna sorangan. Lamun ditonjokeun kana témbok téa mah geus tangtu éta témbok langsung jebol.
Mindeng pisan warga anu ngarasa anéh sabab tangkal cau di kebon Haji Sobana raruntuh tanpa kanyahoan naon anu jadi sababna. Lamun warga gujrud téh manéhna mah ukur nyenghél we bari seuri bungah.
Ari di pilemburan lamun aya jalma anu cacad téh sok hayoh dilandi numutkeun kana cacadna. Komo lamun mangsa paraséa.Nya kitu ogé ka Si Andi. Manéhna sok mindeng disebut Si Buntung. Hiji landihan anu pikeun manéhna mah kacida dipikasedilna. Éta waé lamun aya anu nyebut si Buntung téh ku manéhna mah sok di obrot nepi ka mana jeung saha ogé. Lamun meupeus keuyang téh manéhna mah sok nonjokan tangkal cau anu saha baé.
Antukna mah warga jadi apal wéh lamun tangkal cau nu warga raruntuh téh akibat polah manéhna.
Hiji Mangsa mah Haji Sobana nyarékan si Andi laklak dasar duméh puluhan tangkal cauna teu kapuluk béak ditonjokan.
"Kurang ajar! ngarah naon sia téh ngaruksak tangkal cau aing, hah?!" Pokna morongos.
"Teu ngarah nanaon, Pa Haji, resep we. Da pa Haji mah beunghar ieuh" témbalna teu riuk-riuk.
"Bangkar warah siah, mémangna banda aing téh ruksakeun sia? Teu ngarumasakeun pisan hirup geus teu boga indung bapa sia mah" Pa Haji beuki nafsu.
"Ulah mamawa indung bapa kuring, Pa Haji. Pamali nyabit-nyabit nu tos taya dikieuna teh apan" Si Andi bari tungkul.
"Gandéng siah! nambalang-nambalang waé di omongan téh, teu karuhan buntung siah!" Ceuk Haji Sobana ngomongna geus teu diwengku deui.
Ngadéngé kitu amarah Si Andi kahudang.
"Tong nyabit-nyabit cacad uing, Pa Haji. Hayang di kédé?" Pokna bari leungeun kéncana sakilat ditonjokeun kana roda kupat tahu mang Kuswandi..hah ingah. Mun jelemana nya nu ditonjok téh..hihi
Hahah..caag heula
Tidak ada komentar:
Posting Komentar