Senin, 12 April 2021

Konci Jawaban Latihan I Aksara Sunda

BASA SUNDA KELAS VII

Kemis, 15 April 2021

Assalamu ‘alaikum Wr. Wb.! Kumaha, calageur? Kadé sing inget, yén pancén atawa tugas urang hirup di ieu dunya téh pikeun ‘ibadah ka Allah SWT. (QS. AlBaqarah, 2: 21). Lamun urang henteu ‘ibadah (kafir) mangka bakal diasupkeun ku Gusti Allah SWT. ka naraka (QS. Al-Baqarah, 2: 39). Ku kituna, urang kudu terus ngagunakeun waktu pikeun ‘amal shaléh atawa nu disebut ‘ibadah téa ka Allah SWT.. Tah ayeuna, diajar gé niatan pikeun ‘ibadah ka Allah SWT. Kadé poho ngado’a heula. Aya do’a anu cocok pikeun diajar, supaya diajar urang téh digampangkeun ku Allah SWT. Ieu gera do’ana, QS. Thaha, (20: 25-28). Laténna: “Robbisy rohlii sodrii wayasirlii amrii wahlul uqdatam millisaanii yafqahuu qaulii”. Hartina: “Yeuh Pangéran abdi, lapangkeun dada (haté) abdi, jeung gampangkeun urusan abdi, jeung pegatkeun (leungitkeun) beungkeutan (kateulancaran) dina lisan abdi, jeung fahamkeun maranéhna (kana eusi) caritaan abdi.

Minggu kamari geus ditepikeun Soal Latihan I Aksara Sunda. Anu geus ngajawab jeung ngirimkeun foto jawabanana geus meunang peunteun. Satuluyna, ayeuna bakal dipedar Jawaban Latihan I Aksara Sunda. Anu jawabanana salah benerkeun palebah nomer anu salahna waé. Satuluyna, aya deui Soal Latihan II Aksara Sunda.

KD/Materi: Aksara Sunda

Soal Latihan I Aksara Sunda

Pigawé ieu soal di handap! Tulis jawabanana dina buku catetan! Téangan jawabanana dina blog nu judulna “Pedararan Aksara Sunda” nu dikirim ngaliwatan WA!

  1. Tuliskeun sakabéh aksara Sunda ngalagena anu asli jeung serepan!

  2. Tuliskeun sakabéh aksara Sunda swara (vokal)!

  3. Tuliskeun sababéh conto rarangkén vokalisasi aksara Sunda!

  4. Tuliskeun sakabéh conto rarangkén séjénna jeung pamaéh aksara Sunda!

  5. Jéntrékeun, kumaha aturan dina nulis aksara Sunda antara rarangkén jeung pamaéh? Béré hiji conto cara nulisna!

  6. Tuliskeun sakabéh angka dina aksara Sunda!

  7. Kumaha aturan atawa cara nulis angka dina aksara Sunda? Béré conto cara nulisna!

  8. Kumaha ari tanda baca dina aksara Sunda?


Konci Jawaban Latihan I Aksara Sunda

1. Aksara Sunda Ngalagena

1.a Aksara Sunda Ngalagena Asli

ᮠ = HA, ᮔ = NA, ᮎ = CA, ᮛ = RA, ᮊ = KA,

ᮓ = DA, ᮒ = TA, ᮞ = SA, ᮝ = WA, ᮜ = LA,

ᮕ = PA, ᮏ = JA, ᮚ = YA, ᮑ = NYA,

ᮙ = MA, ᮌ = GA, ᮘ = BA, ᮍ = NGA.

1.b. Aksara Sunda Ngalagena Serepan

ᮖ = FA, ᮋ = QA, ᮗ = VA, ᮟ = XA, ᮐ = ZA,

ᮮ = KHA, ᮯ = SYA


2. Aksara Sunda Swara (Vokal)

ᮃ = A, ᮄ = I, ᮅ =  U, ᮆ = É,

ᮈ = E, ᮉ = EU, ᮇ = O


3.  Conto Rarangkén Vokalisasi

ᮠᮤ = HI, ᮠᮥ = HU, ᮦᮠ = HÉ,

ᮠᮨ = HE, ᮠᮩ = HEU, ᮠᮧ = HO. 


4. Conto Rarangkén Séjénna jeung Pamaéh

ᮠᮂ = HAH, ᮠᮣ = HLA, ᮠᮀ = HANG, ᮠᮢ = HRA,

ᮠᮁ = HAR, ᮠᮡ  = HYA, ᮠ᮪ = H.


5. Antara Rarangkén jeung pamaéh

Saupama hiji kecap bisa ditulis maké rarangkén, paké waé rarangkén, tong maéhan aksara ngalagena. Conto:

5.a. ᮓᮂᮚᮔ = Dahyana, cara nulisna bener.

5.b. ᮓᮠ᮪ᮚᮔ = Dahyana, cara nulisna salah.


6. Angka Aksara Sunda

|᮱| = 1, |᮲| = 2, |᮳| = 3, |᮴| = 4, |᮵| = 5,

|᮶| = 6, |᮷| = 7, |᮸| = 8, |᮹| = 9, |᮰| = 0.


7. Cara Nulis Angka

Nulis angka kudu salawasna didempét ku tanda dua garis nangtung (|  |).

Conto:

|᮱| = 1

ᮞ᮪ᮙ᮪ᮕ᮪ᮔ᮪ |᮱| ᮞᮥᮛᮤᮃᮔ᮪ = SMPN 1 Surian.


8. Tanda Baca

Dina nulis kalimah ku Aksara Sunda bisa maké tanda baca huruf Latén, saperti titik (.) koma (,), jsté.


Soal Latihan II Aksara Sunda

A. Tulis, kumaha aksara Laténna di handapeun  ieu kecap-kecap aksara Sunda!

|᮱|. ᮈᮙ ᮙᮩᮜᮤ ᮙᮨᮛᮤ.

|᮲|. ᮅᮓᮤ ᮊᮩᮁ ᮊ ᮏᮊᮁᮒ.

|᮳|. ᮕᮢᮙᮥᮊ ᮊᮩᮁ ᮊᮦᮙ᮪ᮕᮤᮀ.

|᮴|. ᮕᮣᮥᮊ᮪ ᮘᮥᮃᮂ ᮙᮥᮛᮌ᮪.

|᮵|. ᮘᮡᮥᮁ ᮒᮤᮌᮥᮏᮥᮘᮁ.

|᮶|. ᮘᮢᮀ- ᮦᮘᮢ-ᮘᮢᮧᮀ.  ᮦ

|᮷|. ᮝᮏᮤᮒ᮪ |᮲| ᮘᮥᮀᮊᮥᮞ᮪.

|᮸|. ᮃᮝᮜ᮪ ᮒᮅᮔ᮪ |᮲᮰᮲᮱|.

|᮹|. ᮕᮢᮞᮞ᮪ᮒᮤ ᮎᮤᮃᮛᮥᮒᮩᮔ᮪.

|᮱᮰|. ᮞᮢᮦᮍᮦᮍ ᮏᮊᮁᮒ.

Conto cara ngajawab:

|᮱|. ᮈ ᮙ     ᮙᮩ    ᮜᮤ  ᮙᮨ  ᮛᮤ

  1.  E ma meu li  me ri.


B. Tulis, kumaha aksara laténna di handapeun  ieu kecap-kecap aksara Sunda, jeung tangtukeun bener atawa salah éta cara nulisna (aturan dina nulis antara rarangkén jeung pamaéh)!

|᮱|.ᮃ.  ᮓᮂᮚᮔ

|᮱|.ᮘ᮪.  ᮓᮠ᮪ᮚᮔ

|᮲|.ᮃ. ᮕ᮪ᮜᮊ᮪-ᮕ᮪ᮜᮤᮊ᮪-ᮕ᮪ᮜᮥᮊ᮪

|᮲|.ᮘ᮪. ᮕᮣᮊ᮪-ᮕᮣᮤᮊ᮪-ᮕᮣᮥᮊ᮪

|᮳|.ᮃ. ᮕᮀᮕᮥᮀ

|᮳|.ᮘ᮪. ᮕᮍ᮪ᮕᮥᮍ᮪

|᮴|.ᮃ. ᮕ᮪ᮛᮙᮥᮊ

|᮴|.ᮘ᮪. ᮕᮢᮙᮥᮊ

|᮵|.ᮃ. ᮘᮘᮁ

|᮵|.ᮘ᮪. ᮘᮘᮛ᮪

|᮶|.ᮃ. ᮠ᮪ᮚᮀ ᮝᮤᮓᮤ

|᮶|.ᮘ᮪. ᮠᮡᮀ  ᮝᮤᮓᮤ 


Conto cara ngajawab:

|᮱|.ᮃ.  ᮓᮂ   ᮚ  ᮔ

  1.a.   Dah ya na, (bener)

|᮱|.ᮘ᮪.  ᮓᮠ᮪ ᮚ ᮔ

   1.b.    Dah ya na, (salah)


Sakitu waé heula diajar pikeun minggu ayeuna. Sanggeus bérés ngajawabna, tuluy foto. Kirimkeun fotona, japri maké WA ka nomer Bapa! Upama waktu dina jadwal teu cukup, bisa dituluykeun waktu soré atawa peuting! Kadé, jaga kaséhatan! Daharna nu ngandung gizi. Bungbuahan tong kaliwat! Tong begadang! Tabuh sapupuh peuting kudu geus saré! Sabab, vitamin C tina bungbuahan téh penting pisan pikeun pertahanan awak tina panyakit. Kitu deui, mun kurang saré, pertahanan awak gé bakal turun.

Bandung, 15 April 2021

Guru Basa Sunda,

Muhamad Nurdin, S.Pd.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar