Soal Latihan Mandiri Rumus Aksara Sunda
(soal latihan keur ngapalkeun aksara Sunda)
Saperti maca jeung nulis huruf atawa aksara Latén, aksara Arab, Jepang, atawa aksara séjénna, maca jeung nulis aksara Sunda ogé perlu latihan anu cukup. Anapon, dina ngapalkeun aksara Sunda bisa maké rumus. Ari rumusna bisa dibaca dina blog artikel, dina internet anu judulna "Pedaran Aksara Sunda". Linkna aya di handap, ieu bisa diklik.
Pikeun latihan ngapalkeun aksara Sunda bisa ngajawab "Soal Latihan Mandiri Rumus Aksara Sunda". Anu hayang gancang apal, supaya lancar dina maca jeung nulis aksara Sunda, bisa ngajawab éta latihan sababaraha kali nepi ka kacangkem (apal), teu ningali deui kana pedaran tiori aksara Sunda. Upama geus apal kana rumusna, kakara tuluykeun latihanana kana latihan maca jeung nulis kecap, kalimah, jeung paragraf aksara Sunda. Ieu soalna di handap.
A. Soal
Tuliskeun dina kertas, kumaha aksara Sundana di handapeun ieu aksara Latén di handap! Titik-titik nu aya di handapeun aksara Latén eusian atawa ganti ku aksara Sunda! Lamun ngeusianana (nulisna) langsung diketik dina dokumén (dina chat WA, dina google document), bisa langsung diketik maké aplikasi Key Board Aksara Sunda atawa Sundanese Key Board. Éta aplikasina bisa ditéangan dina Play Store, terus diinstal heula!
1. Aksara Sunda Ngalagena
1.a Aksara Sunda Ngalagena Asli
HA, NA, CA, RA, KA, DA, TA, SA, WA, LA,
….., ….., ….., ….., ….., ….., ….., ….., ….., …..,
PA, JA, YA, NYA, MA, GA, BA, NGA.
….., ….., ….., ….., ….., ….., ….., …..,
1.b. Aksara Sunda Ngalagena Serepan
FA, QA, VA, XA, ZA,
….., ….., ….., ….., …..,
2. Aksara Sunda Swara (Vokal)
A, I, U, É, E, EU, O
….., ….., ….., ….., ….., ….., …..,
3. Conto Rarangkén Vokalisasi
HI, HU, HÉ, HE, HEU, HO.
….., ….., ….., ….., ….., …..,
4. Conto Rarangkén Séjénna jeung Pamaéh
HAH, HLA, HANG, HRA, HAR, HYA, H.
….., ….., ….., ….., ….., ….., …..,
AH, ANG, AR,
......, ......, .....,
5. Antara Rarangkén jeung Pamaéh
Saupama hiji kecap bisa ditulis maké rarangkén, paké waé rarangkén, tong maéhan aksara ngalagena. Sok, larapkeun ieu aturan nulis Aksara Sunda kana kecap-kecap di handap!
a. Dah ya na,
.... ..... .... ....,
b. pla k - pli k - plu k,
.... ..... .... - ..... .... - ..... ....,
c. pang pung,
.... ........ ........,
d. Pra mu ka,
.... ..... ..... ....,
é. ba bar,
.... .... .....,
f. Hyang Wi di.
.... ......... .... ....
6. Angka Aksara Sunda
Sing inget, nulis angka kudu salawasna didempét ku tanda dua garis nangtung. Tandana: (| |).
1, 2, 3, 4, 5, 6, 7, 8, 9, 0.
….., ….., ….., ….., ….., ….., ….., ….., ….., …..,
7. Conto Larapna Nulis Aksara, Angka jeung Tanda Baca Aksara Sunda dina Kalimah
Sakali deui, sing inget, saupama hiji kecap bisa ditulis maké rarangkén, paké waé rarangkén, tong maéhan aksara ngalagena. Tuluy, dina nulis kalimah ku Aksara Sunda bisa maké tanda baca huruf Latén, saperti titik (.), koma (,), jsté.
A b di Dah ya na, s i s w a
….. ….. ….. ….. ….. ….., ….. ….. …..
S M P N 1 Su ri a n,
….. ….. ….. ….. ….. ….. ….. ….. …..,
re se p di a jar
….. ….. ….. ….. ….. …..
a k sa ra Su n da.
….. ….. ….. ….. ….. ….. …...
B. Conto Cara ngajawab
HA, NA, CA, RA, KA, DA, TA, SA, WA, LA,
ᮠ, ᮔ, ᮎ, ᮛ, ᮊ, ….., ….., ….., ….., …..,
(Sok, tuluykeun!)
C. Link Pedaran Aksara Sunda
Pikeun maca Pedaran Aksara Sunda bisa klik ieu link di handap!
Lamun hayang bener-bener apal Aksara Sunda, ieu Latihan Mandiri Rumus Aksara Sunda kudu terus ditulis sababaraha kali nepi ka apal (henteu nempo deui kana Pedaran Aksara Sunda).
Insya Allah, upama geus apal sakabéh aksara Sunda nu aya dina ieu latihan, bisa diteruskeun latihan nulis jeung maca aksara Sunda dina wangun kecap-kecap, kalimah-kalimah, paragraf atawa alinéa, jeung wacana dina latihan saterusna. Tunggu waé latihan saterusna nu bakal dikaluarkeun!
Bandung, 3 Maret 2022
Guru Basa Sunda,
Muhamad Nurdin, S.Pd.
