Senin, 15 Juni 2020

PEDARAN AKSARA SUNDA


disusun ku Muhamad Nurdin, S.Pd.

A. RUMUS AKSARA SUNDA

Aksara Sunda dina ieu pedaran diketik maké aplikasi "key board" dina HP Android. jadi, aksara Sundana teu bisa dibaca dina laptop, ngan bisa dibaca dina hand phone Android versi 5.1.1 ka luhur. Pikeun hand phone Android di sahandapeunana bisa maca dina link:
Pedaran Aksara Sunda pikeun Android Sahandapeun 5.1.1

Supaya gampang dina diajar Aksara Sunda, bisa maké rumus Aksara Sunda saperti di handap.

1. Dasar Rumus

Rumus nu dipaké dicokot tina "Carita Aji Saka" keur Cacarakan Aksara Jawa Kuno:

HANA CARAKA hartina aya (dua) utusan.

DATA SAWALA hartina éta dua utusan téh tarung.

PADHA JAYA hartina pada unggul.

NYA MAGA BATHANGA hartina nya nyababkeun (duanana) ngababatang (paraéh).

Kusabab sora DHA jeung THA euweuh dina létah urang Sunda, mangka cacarakan keur urang Sunda dirobah jadi saperti di handap.

HANA CARAKA, DATA SAWALA, PAJAYA NYA, MAGA BANGA.

Éta Cacarakan Aksara Jawa nu diluyukeun keur urang Sunda urang paké keur Rumus Aksara Sunda.


2. Aksara Sunda Ngalagena

2.a. Aksara Sunda Ngalagena Asli

Maksud ngalagena asli nya éta aksara Sunda nu mangrupa konsonan nu ditambah vokal A nu sorana tina basa Sunda asli atawa lain serepan.

ᮠ = HA, ᮔ = NA, ᮎ = CA, ᮛ = RA, ᮊ = KA,

ᮓ = DA, ᮒ = TA, ᮞ = SA, ᮝ = WA, ᮜ = LA,

ᮕ = PA, ᮏ = JA, ᮚ = YA, ᮑ = NYA,

ᮙ = MA, ᮌ = GA, ᮘ = BA, ᮍ = NGA.


2.b. Aksara Sunda Ngalagena Serepan

Maksud aksara serepan nya éta sora kecap nu ditulis asalna tina basa deungeun (Arab, Inggris, jsté.).

ᮖ = FA, ᮋ = QA, ᮗ = VA, ᮟ = XA, ᮐ = ZA,

ᮮ = KHA, ᮯ = SYA

Husus pikeun aksara ᮮ jeung ᮯ nu diasupkeun kana Unicode (daftar aksara sadunya) dina bulan April 2008, ngaliwatan acara Seminar Standarisasi Aksara Sunda di UNPAD, tanggal 26-28 Méi 2008, ku para ahli filologi dipupus. Sababna mah cenah kurang praktis. Aksara ᮮ (kha) diganti nulisna ku ᮊ᮪ᮠ (maké pamaéh). Sedengkeun aksara ᮯ (sya) diganti nulisna ku ᮞᮡᮡ (maké rarangkén pamingkal). Ngeunaan rarangkén bakal dipedar dina bagian satuluyna.


3. Aksara Sunda Swara (Vokal)

ᮃ = A, ᮄ = I, ᮅ =  U, ᮆ = É, ᮈ = E, ᮉ = EU, ᮇ = O


4. Rarangkén jeung Pamaéh

Rarangkén maksudna aksara Sunda nu fungsina ngarobah vokal A Aksara Ngalagena ku vokal séjénna (vokalisasi) atawa nambahan ku sora konsonan séjénna di tengah atawa sanggeusna éta Aksara Ngalagena.

4.a. Rarangkén Vokalisasi

Rumus

  ᮤ= -A+I (panghulu),    ᮥ= -A+U (panyuku),

 ᮦ = -A+É (panéléng),  ᮨ = -A+E (pamepet),

    ᮩ= -A+EU (paneuleung),

  ᮧ = -A+O (panolong)

Maksud -A+I = aksara ngalagena dirobah vokalna tina A jadi I;

Maksud -A+U = aksara ngalagena dirobah vokalna tina A jadi U, jsté.

Conto

ᮠᮤ = HI, ᮠᮥ = HU, ᮦᮠ = HÉ,

ᮠᮨ = HE, ᮠᮩ = HEU, ᮠᮧ = HO.

4.b. Rarangkén Séjénna jeung Pamaéh

Rumus

 ᮂ = +H (pangwisad),     ᮣ= -L- (panyiku),

  ᮀ = +NG (panyecek),     ᮢ = -R- (panyakra),

  ᮁ = +R (panglayar),        ᮡ = -Y- (pamingkal),

 ᮪ = 0 (pamaéh).

Maksud +H = aksara ngalagena ditambah sora H; Maksud +NG = aksara ngalagena ditambah sora NG; jsté.

Maksud -L- = aksara ngalagena diselipan sora L ditengahna; Maksud -R- = aksara ngalagena diselipan sora L ditengahna; jsté.

Maksud 0 (pamaéh) = vokal A dina aksara ngalagena dipaéhan/dileungitkeun (kari konsonan wungkul).

Conto Rarangkén nu Ditambahkeun kana Aksara Ngalagena

ᮠᮂ = HAH, ᮠᮣ = HLA, ᮠᮀ = HANG, ᮠᮢ = HRA,

ᮠᮁ = HAR, ᮠᮡ  = HYA, ᮠ᮪ = H.

Pikeun pamaéh (᮪) dina aksara ᮠ᮪ nu ditulis dina ieu bagian, sabenerna mah ngan keur ngabandingkeun wungkul jeung rarangkén séjénna (ᮂ,   ᮣ, ᮀ,   ᮢ, ᮁ , ᮡ ) upama ditulis sanggeus aksara ᮠ. Lantaran, aturanana saupama hiji kecap bisa ditulis maké rarangkén, paké waé rarangkén, tong maéhan aksara ngalagena.

Jadi, pikeun pamaéh (᮪) sanggeus ᮠ nu ditulis ᮠ᮪, anu lamun ditulis dina aksara Laténna (H) teu bisa digunakeun, lantaran kudu diganti ku rarangkén pangwisad (ᮂ). Conto-contona bakal dipedar leuwih jero deui dina bagian saterusna.

Conto Rarangkén nu Bisa Ditambahkeun kana Aksara Swara (Vokal)

Teu sakabéh rarangkén bisa ditambahkeun kana aksara Swara. Rarangkén anu bisa ditambahkeun kana aksara swara ngan aya tilu, nya éta rarangkén anu ditambahkeunana di satukangeunana: 1) pangwisad (ᮂ), 2) panyecek (  ᮀ), jeung panglayar (  ᮁ):

ᮃᮂ = AH, ᮃᮀ = ANG, ᮃᮁ =AR

4.c.  Antara Rarangkén jeung pamaéh

Saupama hiji kecap bisa ditulis maké rarangkén, paké waé rarangkén, tong maéhan aksara ngalagena.
Conto:
1.a. ᮓᮂᮚᮔ = Dahyana, cara nulisna bener.
1.b. ᮓᮠ᮪ᮚᮔ = Dahyana, cara nulisna salah.
2.a. ᮕᮣᮊ᮪-ᮕᮣᮤᮊ᮪-ᮕᮣᮥᮊ᮪ = plak-plik-pluk, cara nulisna bener.
2.b. ᮕ᮪ᮜᮊ᮪-ᮕ᮪ᮜᮤᮊ᮪-ᮕ᮪ᮜᮥᮊ᮪ = plak-plik-pluk, cara nulisna salah.
3.a. ᮕᮀᮕᮥᮀ = pangpung, cara nulisna bener.
3.b. ᮕᮍ᮪ᮕᮥᮍ᮪ = pangpung, cara nulisna salah.
4.a. ᮕᮢᮙᮥᮊ = pramuka, cara nulisna bener.
4.b. ᮕ᮪ᮛᮙᮥᮊ = pramuka, cara nulisna salah.
5.a. ᮘᮘᮁ = babar, cara nulisna bener.
5.b. ᮘᮘᮛ᮪ = babar, cara nulisna salah.
6.a. ᮠᮡᮀ  ᮝᮤᮓᮤ = Hyang Widi, cara nulisna bener.
6.b. ᮠ᮪ᮚᮀ ᮝᮤᮓᮤ = Hyang Widi, cara nulisna salah.

5. Angka

|᮱| = 1, |᮲| = 2, |᮳| = 3, |᮴| = 4, |᮵| = 5,

|᮶| = 6, |᮷| = 7, |᮸| = 8, |᮹| = 9, |᮰| = 0.

Cara Nulis Angka

Nulis angka kudu salawasna didempét ku tanda dua garis nangtung (|  |).

Conto

  1. |᮱| = 1

  2. ᮞ᮪ᮙ᮪ᮕ᮪ᮔ᮪ |᮱| ᮞᮥᮛᮤᮃᮔ᮪ = SMPN 1 Surian.


6. Kadé Pahili

6.a. Perhatikeun di Antara Aksara jeung Angka Anu Rék Sarua (Kadé Pahili)

* ᮠ=HA, ᮒ=TA, ᮚ=YA;

* ᮔ=NA, ᮎ=CA, ᮌ=GA, ᮍ=NGA, ᮐ=ZA, ᮅ=U, ᮇ=O, |᮲|=2, |᮳|=3, |᮸|=8;

* ᮛ=RA, ᮊ=KA, ᮞ=SA, ᮕ=PA, ᮙ=MA, |᮴|=4;

* ᮜ=LA, |᮷|=7;

* ᮓ=DA, ᮏ=JA;

* ᮑ=NYA, ᮘ=BA;

* ᮖ=FA, ᮗ=VA;

* ᮃ=A, ᮆ=É, ᮉ=EU;

6.b. Perhatikeun di Antara Angka Anu Rék Sarua (Kadé Pahili)

* |᮱|=1, |᮹|=9;

* |᮲|=2, |᮳|=3, |᮴|=4, |᮸|=8;

* |᮳|=3, |᮶|=6, |᮹|=9.

7. Tanda Baca

Dina nulis kalimah ku Aksara Sunda bisa maké tanda baca huruf latén, saperti titik (.), koma (,), jsté.


8. Conto Kalimah Maké Aksara Sunda

ᮃ. ᮃᮘ᮪ᮓᮤ ᮛᮨᮞᮨᮕ᮪ ᮓᮤᮃᮏᮁ ᮃᮊ᮪ᮞᮛ ᮞᮥᮔ᮪ᮓ.

(a. Abdi resep diajar Aksara Sunda.)

ᮘ᮪. ᮞᮥᮛᮤᮃᮔ᮪ ᮦᮒᮂ ᮝᮤᮜᮚᮂ ᮞᮥᮙᮨᮓᮀ ᮕᮀᮊᮜᮦᮁᮔ.

(b. Surian téh wilayah Sumedang pangkalérna.)


B. NULIS AKSARA SUNDA DINA ANDROID JEUNG PC

Supaya bisa nulis Aksara Sunda dina Android nu versina 5.1.1 ka luhur, bisa ngadownload Aplikasi "Key Board Aksara Sunda" dina ieu link:

https://play.google.com/store/apps/details?id=ce.keyboardaksarasunda

Atawa aplikasi "Sundanese Key Board", bisa klik ieu link di handap:

https://play.google.com/store/apps/details?id=com.inputmethod.sundanese.aksara.sunda.keyboard.sundanesekeyboard.infra

Cara-cara nulis Aksara Sunda dina PC atawa Laptop bisa muka link di handap:

Tutorial Ngetik Aksara Sunda

C. LATIHAN DASAR RUMUS AKSARA SUNDA
1. Latihan Dasar I Rumus Aksara Sunda
Pikeun latihan soal Rumus Aksara Sunda (tina aksara Sunda kana aksara Latén) bisa muka ieu link:

2. Latihan Dasar II Rumus Aksara Sunda
Pikeun latihan soal Rumus Aksara Sunda (tina aksara Latén kana aksara Sunda) bisa muka ieu link:

3. Latihan Mandiri Rumus Aksara Sunda
Pikeun ngapalkeun aksara Sunda, sakaligus latihan nulis jeung macana  kudu apal heula aturanana atawa rumusna. Geus apal aturanna kakara latihan maca kecap, kalimah, jeung paragraf aksara Sunda. Anapon, Latihan Mandiri Rumus Aksara Sunda bisa ku cara klik ieu link di handap!

D. PEDARAN AKSARA SUNDA DINA YOUTUBE
Pikeun nu hayang ngabandungan ieu pedaran Aksara Sunda dina wangun vidéo PPT bisa ditingali dina youtube. Ieu link youtube na bisa diklik di handap.

Satuluyna, anu rék ngabandungan pedaran husus ngeunaan Aksara Sunda Swara, ieu bisa diklik link youtube na di handap.

E. APLIKASI DIAJAR AKSARA SUNDA
Pikeun diajar Aksara Sunda, ieu bisa didownload aplikasi nu satuluyna bisa dipasang (diinstall) dina HP Android. Di jerona mangrupa menu-menu nu bisa dipilih. Di antarana aya: 1) Menu Blog Pedaran Aksara Sunda (anu ayeuna keur dibaca), 2) Menu Vidéo Pedaran Aksara Sunda nu bakal nyambung kana Youtube, 3) Menu Latihan Maca jeung Nulis Aksara Sunda. Ieu aplikasi cocog pisan upama dipaké ku siswa sakola atawa ku guru dina diajar jeung ngajarkeun Aksara Sunda. Sabab, menu-menun nu kawilang kumplit. Pikeun nginstall éta aplikasi bisa klik ieu link di handap!

F. VIDÉO KAWIH MAKÉ TÉKS AKSARA SUNDA
Vieo kawih nu maké téks bacaan Aksara Sunda bisa dipaké latihan maca Aksara Sunda. Upama geus bisa maca sakabéh tulisan téks Aksara Sunda nu ditulis dina tayangan ieu video, nuduhkeun yén geus lumayan lancar dina maca Aksara Sunda. Upama can bisa, atawa katinggaleun macana, berarti can lancar, kudu latihan deui ku cara terus ngapalkeun aksarana, cara maca, jeung nulisna, sakumaha nu ditulis dina pedaran rumus Aksara Sunda. Salian ti éta, kudu terus latihan maca jeung nulis Aksara Sunda dina wangun kalimah, paragraf, jeung wacana. Ieu link vidéo youtube bisa diklik di handap.
Atawa nu ngaliwatan heula blog, ieu linkna di handap.

G. RANGKUMAN DIAJAR AKSARA SUNDA MAKÉ RUMUS CARITA AJI SAKA
Rangkuman cara diajar Aksara Sunda maké rumus "Carita Aji Saka" bisa dibaca dina ieu poster di handap.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar