Sabtu, 03 Oktober 2020
Sabtu, 19 September 2020
RAJAH TAUHID
Kamis, 17 September 2020
SI BUNTUNG JAGO TUTUGAN (3)
Minggu, 26 Juli 2020
Selasa, 23 Juni 2020
TUJUAN HIRUP URANG
TUJUAN HIRUP URANG
Anaking, jig gera indit, bral gera miang!
Gera sungsi harti, harta hirup nu utama
Cruk-cruk nepi ka galeuh-galeuhna
Imeut nepi ka bubuk leutikna
Supaya hidep nepi kana tujuan
Omat, anaking! Kadé, salah ngudag tujuan!
Tujuan téh lain harta, tahta, jeung wanita.
Ieu Bapa arék pesen
Bandungan sing saregep!
Asupkeun kana sanubari nu pangjerona!
Buktikeun ieu pesen Bapa!
Nu dumasar kana Quran reujeung Sunnah.
GUSTI ALLAH PANGÉRAN URANG;
RIDHA ALLAH TUJUAN HIRUP URANG;
‘IBADAH KA ALLAH TUGAS HIRUP URANG;
Al-QURAN JEUNG SUNNAH PANDUAN URANG;
RASULULLAH MUHAMMAD TULADAN URANG;
DIINUL ISLAM WADAH HIRUP URANG;
Bral, gera medal Anaking!
Leupas tina asuhan Bapa!
Kaluar tina ayunan Ema!
Geusan ngambah dunya nu leuwih lega!
Tambah deui luang!
Sungsi deui pangarti!
Wujudkeun impian, kahayang jeung cita-cita!
Senin, 22 Juni 2020
IKLAN: BUKU-BUKU KARYA SASARENGAN GURU-GURU KABUPATÉN SUMEDANG
Minggu, 21 Juni 2020
Sabtu, 20 Juni 2020
Implementasi Gerakan Generasi Cerdas Eksotik
- IMPLEMENTASI GERAKAN GENERASI CERDAS EKSOTIK
Senin, 15 Juni 2020
RUMUS AKSARA SUNDA
Supaya bisa nulis Aksara Sunda dina Android nu versina 5.1.1 ka luhur, bisa ngadownload Aplikasi "Key Board Aksara Sunda" dina ieu link:
https://play.google.com/store/apps/details?id=ce.keyboardaksarasunda
PEDARAN AKSARA SUNDA
disusun ku Muhamad Nurdin, S.Pd.
A. RUMUS AKSARA SUNDA
Aksara Sunda dina ieu pedaran diketik maké aplikasi "key board" dina HP Android. jadi, aksara Sundana teu bisa dibaca dina laptop, ngan bisa dibaca dina hand phone Android versi 5.1.1 ka luhur. Pikeun hand phone Android di sahandapeunana bisa maca dina link:Supaya gampang dina diajar Aksara Sunda, bisa maké rumus Aksara Sunda saperti di handap.
1. Dasar Rumus
Rumus nu dipaké dicokot tina "Carita Aji Saka" keur Cacarakan Aksara Jawa Kuno:
HANA CARAKA hartina aya (dua) utusan.
DATA SAWALA hartina éta dua utusan téh tarung.
PADHA JAYA hartina pada unggul.
NYA MAGA BATHANGA hartina nya nyababkeun (duanana) ngababatang (paraéh).
Kusabab sora DHA jeung THA euweuh dina létah urang Sunda, mangka cacarakan keur urang Sunda dirobah jadi saperti di handap.
HANA CARAKA, DATA SAWALA, PAJAYA NYA, MAGA BANGA.
Éta Cacarakan Aksara Jawa nu diluyukeun keur urang Sunda urang paké keur Rumus Aksara Sunda.
2. Aksara Sunda Ngalagena
2.a. Aksara Sunda Ngalagena Asli
Maksud ngalagena asli nya éta aksara Sunda nu mangrupa konsonan nu ditambah vokal A nu sorana tina basa Sunda asli atawa lain serepan.
ᮠ = HA, ᮔ = NA, ᮎ = CA, ᮛ = RA, ᮊ = KA,
ᮓ = DA, ᮒ = TA, ᮞ = SA, ᮝ = WA, ᮜ = LA,
ᮕ = PA, ᮏ = JA, ᮚ = YA, ᮑ = NYA,
ᮙ = MA, ᮌ = GA, ᮘ = BA, ᮍ = NGA.
2.b. Aksara Sunda Ngalagena Serepan
Maksud aksara serepan nya éta sora kecap nu ditulis asalna tina basa deungeun (Arab, Inggris, jsté.).
ᮖ = FA, ᮋ = QA, ᮗ = VA, ᮟ = XA, ᮐ = ZA,
ᮮ = KHA, ᮯ = SYA
Husus pikeun aksara ᮮ jeung ᮯ nu diasupkeun kana Unicode (daftar aksara sadunya) dina bulan April 2008, ngaliwatan acara Seminar Standarisasi Aksara Sunda di UNPAD, tanggal 26-28 Méi 2008, ku para ahli filologi dipupus. Sababna mah cenah kurang praktis. Aksara ᮮ (kha) diganti nulisna ku ᮊ᮪ᮠ (maké pamaéh). Sedengkeun aksara ᮯ (sya) diganti nulisna ku ᮞᮡᮡ (maké rarangkén pamingkal). Ngeunaan rarangkén bakal dipedar dina bagian satuluyna.
3. Aksara Sunda Swara (Vokal)
ᮃ = A, ᮄ = I, ᮅ = U, ᮆ = É, ᮈ = E, ᮉ = EU, ᮇ = O
4. Rarangkén jeung Pamaéh
Rarangkén maksudna aksara Sunda nu fungsina ngarobah vokal A Aksara Ngalagena ku vokal séjénna (vokalisasi) atawa nambahan ku sora konsonan séjénna di tengah atawa sanggeusna éta Aksara Ngalagena.
4.a. Rarangkén Vokalisasi
Rumus
ᮤ= -A+I (panghulu), ᮥ= -A+U (panyuku),
ᮦ = -A+É (panéléng), ᮨ = -A+E (pamepet),
ᮩ= -A+EU (paneuleung),
ᮧ = -A+O (panolong)
Maksud -A+I = aksara ngalagena dirobah vokalna tina A jadi I;
Maksud -A+U = aksara ngalagena dirobah vokalna tina A jadi U, jsté.
Conto
ᮠᮤ = HI, ᮠᮥ = HU, ᮦᮠ = HÉ,
ᮠᮨ = HE, ᮠᮩ = HEU, ᮠᮧ = HO.
4.b. Rarangkén Séjénna jeung Pamaéh
Rumus
ᮂ = +H (pangwisad), ᮣ= -L- (panyiku),
ᮀ = +NG (panyecek), ᮢ = -R- (panyakra),
ᮁ = +R (panglayar), ᮡ = -Y- (pamingkal),
᮪ = 0 (pamaéh).
Maksud +H = aksara ngalagena ditambah sora H; Maksud +NG = aksara ngalagena ditambah sora NG; jsté.
Maksud -L- = aksara ngalagena diselipan sora L ditengahna; Maksud -R- = aksara ngalagena diselipan sora L ditengahna; jsté.
Maksud 0 (pamaéh) = vokal A dina aksara ngalagena dipaéhan/dileungitkeun (kari konsonan wungkul).
Conto Rarangkén nu Ditambahkeun kana Aksara Ngalagena
ᮠᮂ = HAH, ᮠᮣ = HLA, ᮠᮀ = HANG, ᮠᮢ = HRA,
ᮠᮁ = HAR, ᮠᮡ = HYA, ᮠ᮪ = H.
Pikeun pamaéh (᮪) dina aksara ᮠ᮪ nu ditulis dina ieu bagian, sabenerna mah ngan keur ngabandingkeun wungkul jeung rarangkén séjénna (ᮂ, ᮣ, ᮀ, ᮢ, ᮁ , ᮡ ) upama ditulis sanggeus aksara ᮠ. Lantaran, aturanana saupama hiji kecap bisa ditulis maké rarangkén, paké waé rarangkén, tong maéhan aksara ngalagena.
Jadi, pikeun pamaéh (᮪) sanggeus ᮠ nu ditulis ᮠ᮪, anu lamun ditulis dina aksara Laténna (H) teu bisa digunakeun, lantaran kudu diganti ku rarangkén pangwisad (ᮂ). Conto-contona bakal dipedar leuwih jero deui dina bagian saterusna.
Conto Rarangkén nu Bisa Ditambahkeun kana Aksara Swara (Vokal)
Teu sakabéh rarangkén bisa ditambahkeun kana aksara Swara. Rarangkén anu bisa ditambahkeun kana aksara swara ngan aya tilu, nya éta rarangkén anu ditambahkeunana di satukangeunana: 1) pangwisad (ᮂ), 2) panyecek ( ᮀ), jeung panglayar ( ᮁ):
ᮃᮂ = AH, ᮃᮀ = ANG, ᮃᮁ =AR
4.c. Antara Rarangkén jeung pamaéh
5. Angka
|᮱| = 1, |᮲| = 2, |᮳| = 3, |᮴| = 4, |᮵| = 5,
|᮶| = 6, |᮷| = 7, |᮸| = 8, |᮹| = 9, |᮰| = 0.
Cara Nulis Angka
Nulis angka kudu salawasna didempét ku tanda dua garis nangtung (| |).
Conto
|᮱| = 1
ᮞ᮪ᮙ᮪ᮕ᮪ᮔ᮪ |᮱| ᮞᮥᮛᮤᮃᮔ᮪ = SMPN 1 Surian.
6. Kadé Pahili
6.a. Perhatikeun di Antara Aksara jeung Angka Anu Rék Sarua (Kadé Pahili)
* ᮠ=HA, ᮒ=TA, ᮚ=YA;
* ᮔ=NA, ᮎ=CA, ᮌ=GA, ᮍ=NGA, ᮐ=ZA, ᮅ=U, ᮇ=O, |᮲|=2, |᮳|=3, |᮸|=8;
* ᮛ=RA, ᮊ=KA, ᮞ=SA, ᮕ=PA, ᮙ=MA, |᮴|=4;
* ᮜ=LA, |᮷|=7;
* ᮓ=DA, ᮏ=JA;
* ᮑ=NYA, ᮘ=BA;
* ᮖ=FA, ᮗ=VA;
* ᮃ=A, ᮆ=É, ᮉ=EU;
6.b. Perhatikeun di Antara Angka Anu Rék Sarua (Kadé Pahili)
* |᮱|=1, |᮹|=9;
* |᮲|=2, |᮳|=3, |᮴|=4, |᮸|=8;
* |᮳|=3, |᮶|=6, |᮹|=9.
7. Tanda Baca
Dina nulis kalimah ku Aksara Sunda bisa maké tanda baca huruf latén, saperti titik (.), koma (,), jsté.
8. Conto Kalimah Maké Aksara Sunda
ᮃ. ᮃᮘ᮪ᮓᮤ ᮛᮨᮞᮨᮕ᮪ ᮓᮤᮃᮏᮁ ᮃᮊ᮪ᮞᮛ ᮞᮥᮔ᮪ᮓ.
(a. Abdi resep diajar Aksara Sunda.)
ᮘ᮪. ᮞᮥᮛᮤᮃᮔ᮪ ᮦᮒᮂ ᮝᮤᮜᮚᮂ ᮞᮥᮙᮨᮓᮀ ᮕᮀᮊᮜᮦᮁᮔ.
(b. Surian téh wilayah Sumedang pangkalérna.)
B. NULIS AKSARA SUNDA DINA ANDROID JEUNG PC
Supaya bisa nulis Aksara Sunda dina Android nu versina 5.1.1 ka luhur, bisa ngadownload Aplikasi "Key Board Aksara Sunda" dina ieu link:
https://play.google.com/store/apps/details?id=ce.keyboardaksarasunda
Atawa aplikasi "Sundanese Key Board", bisa klik ieu link di handap:
Cara-cara nulis Aksara Sunda dina PC atawa Laptop bisa muka link di handap:
C. LATIHAN DASAR RUMUS AKSARA SUNDA